KUMPULAN CARPON (CARITA PONDOK)
SUNDA
NIPU KHALIFAH
Kira-kira
wanci pecat sawed. Abu Nawas dititah datang ka Karaton Ku Khalifah Harun Al
Rasid. Abu Nawas geumpeur, manehna teu ngararsa boga dosa. Geus lila
dipikir-pikir, manehna indit ka Karaton.
“Abu
Nawas, kami boga hiji kaulinan jang maneh. Kami ngadenge maneh the jalma
pinter. Ayeuna lamun maneh bisa nipu kami, ku kami baris dibere 100 keping duit
emas, tapi lamun teu bisa, maneh ku kami bakal disiksa. Satuju ?”.
Abu
nawas nembalan, “Mangga, Gusti. Mung waktosna ayeuna mah, abdi teh teu
tiasa. Nu janten masalahna, abdi nuju aya kapentingan.”
Khalifah
Harun al Rasid nanya ka Abu Nawas, “Kapentingan naon, Abu Nawas ?”
Abdi
bade ngala lauk heula, Gusti.”
Khalifah
Harun al Rasid heran, “Ngala lauk kamana ?”
Abu
Nawas nembalan, “ Ka Situ Lashihai, ceuk urang kampung mah Situ Lashihai
teh, nuju saat. Lauk-laukna janten gampil dialana. Upami henteu enggal-enggal,
bilih kabujeng ku batur.
Khalifah
Harun al Rasid gumbira. Manehna marentahkeun ponggawana nuturkeun anjeuna ka
Situ Lashihai.
Tapi,
naon nu katingali ku Khalifah Harun al Rasid ?
Situ
Lashihai jempling siga kuburan teu aya saurang-urang acan anu ngala lauk.
Khalifah
Harun al Rasid ngarasa katipu ku Abu Nawas, “ Abu Nawas kurang ajar
!” saurna. “Wani-wani manehna nipu ka aing !”
Gancang
Khalifah Harun al Rasid mulih deui ka Karaton. Di Karaton geus aya Abu Nawas.
Khalifah
Harun al Rasid ngagorowok, “Abu Nawas, maneh geus nipu aing !”
Terus
Khalifah Harun al Rasid nitah ka algojona, “Bere Abu Nawas siksaan cambuk
100 kali!”
“Ke
heula Gusti, upami teu lepat, Gusti nyalira anu marentahkeun abdi supados nipu
salira. Ayeuna abdi parantos tiasa nipu gusti, “tembal Abu Nawas.
Khalifah
Harun al Rasid ngemut dina manahna. “Bener, manehna geus bisa nipu kuring
hartina, aing eleh”
Abu
Nawas tungtungna dibere 100 keping duit emas. Manehna ngabagikeun sabagian
duitna ka rahayat nu miskin. ( Dicaritakeun deui ku Arief S.B
SYUJA’ AL AQRA
|
Sarengsena sholat Isya, barudak di Masjid
At-Taqwa ngariung, maranehna nyuhunkeun dipangdongengkeun kanu sok ngawuruk
ngaosna nya eta Kang Asep sareng Kang Agus.
“Ayeuna mah, giliran kang Agus
ngadongengna,” saur kang Asep bari ngareret ka kang Agus anu sila gigireunana.
“Sok atuh, ayeuna mah urang nyarioskeun ieu
geura, ngunaan kumaha Gusti Allah bakal ngamulyakeun jalma nu sok ngajaga
Sholatna sarta hukumna ka jalma-jalma nu sok ninggalkeun Sholatna,” saur kang
Agus.
“Darangukeun barudak”
Jalma nu sok ninggalkeun Sholatna, bakal
dihukum ku Gusti Allah ku 14 siksa.
Lima di dunya, tilu dina keur maot, tilu di
alam kubur, jeung tilu waktu kaluar kubur.
Ari hukuman di dunya nyaeta dicabut berekah
umurna, dihapus tanda soleh tinabeungutna, amal nu dipigawe teu meunang pahala
ti Gusti Allah, doa’ana henteu naek ka
langit, jeung henteu meunang bagian tina do’ana jalma-jalma soleh.
Ari hukuman waktu manehna maot nyaeta
maotna hina, maotna kalaparan, jeung maotna halabhab anu pohara, lamun dibere
cai lobana salaut dunya, angger moal cukup jeung angger halabhab.
Ari hukuman waktu manehna di alam kubur
nyaeta digencet ku kuburanana nepi ka ancur tulang-tulangna, dihurungkeun
seuneu kubur nepi ka manehna gugulipakan di jero seuneu
beurang jeung peuting, didatangkeun ka manehna hiji oray ngarana Syuja’ anu
panona lolong tapi dijieun tina seuneu, jeung kukuna tina beusi anu unggal
kukuna panjangna sarua jeung leumpang sapoe. Manehna ngomong ka si Mayit.
“Ngaran kuring Syuja’ al Aqra,” Sorana
ngajelebet siga sora gelap.
“Gusti Allah, nitah kuring sangkan nyiksa
maneh, ku sabab maneh ninggalkeun Sholat subuh nepi ka bijil panonpoe, jeung
nyiksa maneh ku sabab ningggalkeun Sholat Lohor nepi ka Ashar, jeung nyiksa
maneh ku sabab ninggalkeun Sholat Ashar nepi ka Maghrib nepi ka Isa, jeung
nyiksa maneh ku sabab ninggalkeun sholat Isa nepi ka Shubuh.”
Sanggeus kitu, manehna ngagebug si mayit
nepi ka ngabebes ka jero taneuh sajero 70 hasta, tuluy disiksa nepi ka poe
kiamat.
Ari hukuman waktu manehna kaluar ti kubur
nyaeta dibeuratkeun hisabna, Gusti Allah bendu ka manehna, jeung asup naraka.
Ari jalma-jalma nu sok ngajaga sholatna,
Gusti Allah bakal ngamulyakeunana ku lima kamulyaan nya eta dijauhkeun tina
kasusah hirup, dijauhkeun tina siksa kubur, narima kitab amal ku leugeun
katuhuna, leumpang di jambatan shirat
siga kilat, jeung asup ka sawarga teu dihisab.
“ Tah kitu barudak, mangka kade, urang sing
bisa ngajaga kana kawajiban anu lima waktu teh, lamun urang sorangan hayang
dimulyakeun ku Gusti Allah,” saur kang
Agus nutup cariosna.
Barudak jangji di jero hatena arek
ngalaksanakeun anu dipiwuruk bieu ku kang Agus.
Dongeng Ustadz Asep Dicaritakeun deui Ku
Arief
LADANG TINA KAJUJURAN
Balik sakola,
Yudi poho ngalaan sapatu-sapatu acan. Dirigdig ka dapur. Kasampak
indungna keur ngurikeun sangu tina kastrol kana boboko bunting,” Ma…….?” Cenah.
“Ih, geuning ujang …. Naha bet isuk keneh
balik sakola teh ……..?” ceuk indungna.
“Dipiwarang uih ku Pa Guru…..” tembalna
dareuda. Indungna surti, pangna Yudi dititah balik teh, pedah can mayar SPP,
tujuh bulan !
“ Soal SPP, jang ?”
Yudi Unggeuk. Gek dina bangku.
“Ma…..?”
“ Aya naon, Jang ?”
“Uih sakola bieu, Ujang mendak loket sisi
jalan…..”
“ Loket….?
Nu saha….?”
Indungna olohok. Cul sangu, jung cengkat
muru anakna. Gek diuk gedengeunana.
“ Cikan ngilikan. Mana loketna !” leugeuna
namprak Yudi gancang ngodok kantong sakolana, ngaluarkeun loket timuna. Song si
loket dibikeun ka indungna.
Bari ngeleper, indungna Yudi muka loket.
Breh jerona…Disagedengeun surat-surat teh duit puluhan rebu mani ngentep. Nenjo
kitu duanana silih pelong.
“Artosna seueur, Ma….?” Ceuk Yudi. Indungna
unggeuk.
“Cekap kanggo mayar SPP….?” Pokna deui.
Indungna teu nembal, malah anggur ngahuleng.
“Ujang, anaking………..
Sanajan enya ieu duit teh loba, tapi da nu
batur. Leuwih hade ieu loket katut eusina anteurkeun deui kanu bogana. Kacida
salahna mun ku urang teu dianteurkeun deui. Kahijina, apan ujang ge nyaho ………
dosa hukumna ngagasab barang batur teh. Kaduana, geura pikir …..kacida
kokotetenganana nu boga ieu barang, meureun neangan kaditu kadieu. Seug teh
kapanggih yen urang nu nimuna, bari
duitna geus digasab ku urang…….masih mun manehna bageur, ninggang di jalma nu
teu ngarti kamalaratan hirup urang, meureun urang teh diajukeun ka pangadilan…..”
“Janten kedah kumaha Ma….?”
“Ceuk Ema ge ieu loket gancang anteurkeun
kanu bogana.”
Atuda teu terang nu kagunganana ge…….
“Yeuh teang di jero loket. Biasana sok aya
katerangan,” sok si loket di bikeun ka Yudi. Saterusna jero loket dipariksa.
Diantara surat-surat penting , gorehel the KTP.
“ Tuh geuning, Ujang apal jalan nu bieu ?”
“ Ma…..?” Gerona.
“ Aya naon, Ujang ?”
“Geuning Pa Maman teh jalmi
kaya, jabi bageur deuih…..”
“Nakumaha kitu ?”
“Ujang bade diangkat putra ku anjeuna. Malih cenah Ema ge upami kersa mah
saur Ibu Maman tos we linggih di ditu !”
Yudi dirangkul ku indungna …..” Ieu teh
ladang tina kajujuran, anaking……
Nuhun, Gusti !” gerendengna bari
carinakdak,****
Dongeng “Aki” dicaritakeun deui ku Arief.SB
|
HARITA teh malem Juma’ah …..Malem harita pisan Emang bagean
ngaronda. Tapi ku lantaran tadi beurangna tas ngurebkeun mayit anu maot, nu
maot keur kakandungan, Emang ngaringkeb karep ngarasa sieun, Rumasa borangan.
Tabuh sabelas peuting, Erte Usen jeung
Ujang Dedi nyampeur ngajak ngaronda,
“Duh… lalieur kuring teh, te,” Emang
neangan alesan bari rumanggieung jeung api-api mencetan sirah.
“Alaaah alesan bae maneh mah, Suhanta!”
walon Erte Husen rada nyereng, “ Biasa unggal disampeur ngaronda ngan lalieur
lah….nyeri huntu lah…..pokona ayeuna kudu ngaronda, mangkaning rek aya
pangontrolan ti Polsek Panumbangan.”
Teu bisa kumaha, Emang nurut kana
pangajakna. Rumasa deuih, unggal bagean ngaronda panyakit alesan sok ngadadak
datang. Malah kungsi kabur ti gardu ronda pedah pada naringgalkeun. Bakating ku
sieun eta teh.
Tabuh dua belas peuting, satutasna mubuy
sampeu. RT Usen jeung Ujang Dedi rek ngontrol lembur.
“Maneh mah cicing didieu …. Kuring duaan
rek ngontrol heula.” RT Usen nyarita bari neuteup, jigana geus kasurti ku
manehna Emang pasti bakal protes.
“Geus we si Ujang Dedi nu di gardu mah,
kuring jeung Erte nu ngontrol mah!”
“Lain kitu kang. Mending oge di gardu
raos-raos calik bari nuang bubuy sampeu ……
kapan gering akang teh?” Ujang Dedi milu nyarita kawas nu nyungkun.
Rek nempas karasa era pedah tadi Emang boga
alesan lalieur, kapaksa narima. “Heug
lah……, tapi tong lila teuing bisi…..ceuk Emang teu kebat.
“Bisi kabur deui?” Erte Usen nempas bari
tingbarakatak saleuseurian.
Teu dijawab ieuh, ngarasa era pangpangna
mah.
Panon mencrong ka Ujang Dedi jeung Erte
Usen nu keur laleumpang ka wetankeun bari tingkaletrok nakolan kohkol, Emang
ngan saukur kukulutus, nyangka Si Ujang Dedi jeung Erte Usen rek nyiksa Emang
ku cara nyingsieunan.
Bulu punduk mimiti carengkat, muriding,
karasa kandel. Komo barang ngadenge sora angin nu seah mah, awak noroktok kawas
nu kabulusan. Sora tangkal awi tingrareket katebak angin, kitu deui dangdaunan tingarulang
nembongkeun kalangkang nu tinggayabag pikasieuneun. Keur mah eukeur borangan teh beak ku
sorangan, katambah mayit anu dikurebkeun tadi beurang ngalangkang bae dina
kongkolak panon.
Emang beuki samar polah. Diharudum sarung
sieun teu kanyahoan datangna jurig, teu diharudum katempo nu tinggayabag lebah
tatangkalan nu harieum. Tungtungna nyempod di jurueun gardu bari ngadegdeg. Eta
oge boga niat rek balik kawas bareto tapi era sok jadi guyonan urang lembur
pajarkeun Si Borangan kabur ti gardu.
Keur anteng ngumbar kasieun, ti beh wetan
kadenge sora tinggareblig jeung tingkorosak daun garing. Emang ngarenjag
sataker kebek. Panon buringas nempo ka tempat nu datangna sora, kaciri aya dua
jirim tingjuringkang muru ka lebah gardu. Panyangka geus teg weh Si Ujang Dedi
jeung Erte Usen geus manggihan jurig atawa kunti. Panon molotot awak tiis
maseuhan awak ……katambah calana baseuh!
Jorelat-jorelat ….dua kalangkang beuki
deukeut, sorana atra tinggareblig tibuburanjat….notog-notogkeun maneh. Teu
sadar sungut ngagoak barang aya nu tiis keuna kana punduk, leungun pakupis
miceun anu nangkod dina punduk tea.
Sihoreng cak-cak nu ragrag pas kana punduk
Emang.
Nu lumpat duaan geus sajorelat lumpat
ngaliwatan gardu. Puguh Emang ngarasa soak, teu antaparah ngan berengbeng we
lumpat nuturkeun nu lumpat ti heula bari gogorowokan menta didagoan.
“Dagoan dewek, euy! Dagoan !” ceuk Emang
terus-terusan. Tapi jalma nu duaan kalah beuki narikan lumpatna. Emang tambah
soak, panyangka jurig nu ngudag bener-bener aya. Bujur rerempodan, rarasaan teh
asa gep aya nu nyerek ti tukang bari kaciri rupana pikagilaeun. Matak teu nolih
kana kacape Emang terus mangpret ngudag nu duaan.
Anu dihareup barang mireunguh Emang beuki
narikan lumpatna, maranehna kalah beuki ngabret beuki tarik. Emang nya kitu
keneh, lumpat beuki hayang bisa nyusul.
Lumpat duka kamana jigna, mangprung terus
meakeun tanaga bari biwir mah terus-terusan gogorowokan.
Nepi ka tempat anu nanjak, anu duaan
areureun. Maranehna tingalebru rarubuh teu kuateun deui hudang. Letahna ngelel,
napasna ngahegak, panona molotot, geus puguh kesang mah mani jibrug maseuhan
awakna.
Emang ge sarua, tikoro asa garing, dada
karasa eungap, tanaga geus suda. Teu antaparah ngan gebru ngalabuhkeun karep di
sagigireun anu duaan.
Kacida sia mah Ujang ….lain dagoan dewek!”
Emang mureleng kanu gigireun, panyangka teh
Si Ujang Dedi, Tapi barang ret, gebeg ngagebeg sataker kebek, nu digigireun teh
lain Si Ujang Dedi jeung Erte Usen, ieu mah teu apal irung-irungna acan. Era n
mah aya, Emang api-api ngusapan kesang anu nyurucud tina tarang. Anu ditanya
gawena ngan melong bari kaciri banguin nu sieun, ingkah mah henteu ku lantaran
geus beakeun tanaga, Emang jeung maranehna adu renghap paheula-heula nyedot
hawa. Sungut calawak ngarah hawa langsung asup.
Keur anteng kitu, ti kajauhan kadenge aya
nu tinggorowok . “Kabeulah kulon euy bangsatna! Gancang tewak!” kadenge beuki
atra. Jalma anu duaan ngadadak buringas, maranehna satekah polah nangtung tapi
nambru deui.
Ngarasa aya galagat, Emang nguat-nguatkeun
karep. Gabrug jalma nu duaan teh didengkek bari terus diheumpikan. Emang jeung
maranehna kokosehan, sungut mah ti tatadi ge angger calawak nyedot napas. Irung
mah geus teu digunakeun deui ku lantaran kabutuhan hawa sakitu gedena. Aya
untungna deuih keur Emang mah, kesang anu jibrug dina baju jalma nu duaan teu
kaambeu bauna, mangkaning sakitu napas tina sungut oge geus karasa bauna.
Burudul urang lembur datang bari dibarengan
ku Hansip jeun Pulisi Desa sarta marawa pakarang sabogana-sabogana. Nempo
kajadian anu keur lumangsung, urang lembur kaciri hemengeun dumeh Emang jeung
jalma nu keur diudag keur kokosehan, beakeun tanaga.
“Tuh itu Pa bangsatna teh ……” kadenge sora
Erte Usen.
“Hebat euy! Mang Suhanta bisa newak
bangsat! Mang Suhanta geus tarung ngalawan bangsat!” jeung rea-rea deui omongan
anu muji ka Emang.
Bangsat dibawa ka gardu, sedeng Emang pada
nanggap kumaha cara-carana newak bangsat. Bari…..dicampuran ….ku
bohong….pangpangna nyumputkeun …..sipat borangan, Emang nyaritakeun sakabeh
kajadian ngahaja …sina rame. Samalah ….ditambahan tarung make bedog sagala.
Dikitukeun teh urang lembur palercayaeun. Ngan edas ….Si Ujang Dedi jeung Erte
Usen nyarahoeun sipat Emang. Mimitina ti manehna duaan mere panelah “JAWARA
BORANGAN” tapi lila-lila mah salembur papada apal. Ti mimiti harita Emang boga
panelah Jawara Borangan.****
Dongeng Aki dicaritakeun deui ku Arief SB
Tidak ada komentar:
Posting Komentar