Kumpulan
Pribahasa (Babasan/Paribasa) Sunda Jeung Hartina. Seueur pisan pribahasa
(babasan/paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, ma’lum hirup lain di
tatar sunda nyarita loba teu make sunda komo deuiآ pribahasa (babasan/paribasa) sundaآ pastina oge jarang kapake. Ayeuna sugan jeung sugan rek
diajar deuiآ pribahasa (babasan/paribasa)
sunda.
- Adab
lanyap Jiga
nu handap asor, daek ngahormat ka batur, tapi boga hate luhur,
tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu
resepeun.
- Adam lali tapel poho ka baraya jeung
poho ka lemah cai.
- Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
- Adean ku kuda beureum beunghar ku barang
titipan atawa ginding ku pakean batur.
- Adigung adiguna gede hulu, boga rasa
leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
- Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur
sorangan.
- Akal koja pinter dina kagorengan
atawa kajahatan.
- Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot
pisan.
- Aku aku angga ngaku barang batur
kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar
atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
- Aku panggung darehdeh jeung mere
maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
- Alak-alak cumampaka resep jeung hayang
dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu
luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
- Alak paul tempat anu lain
dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
- Alus panggung = alus laur
hade ome tegep
dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara
gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
- Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung
mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
- Anak puputon anak nu kacida
didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
- Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain
lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
- Ari diarah supana, kudu
dipiara catangna Naon
bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
- Ari umur tunggang gunung,
angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun
keneh.
- Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan
di panyabaan, jauh ti indung bapa.
- Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu
gede, anu saenyana teu diarep arep.
- Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan
budi anu pohara gedena.
- Asa nanggeuy endog
beubeureumna kacida
nyaahna.
- Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu
pohara hade galena.
- Ati mungkir beungeut
nyinghareup palsu,
siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
- Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon,
ngeunaan tanah.
- Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge
bisa kajadian.
- Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa
kauntungan tapi teu tulus.
- Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh
gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang
pitulungna.
- Aya hate kadua leutik naksir.
- Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep
arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
- Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa
pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
- Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud,
turug turug aya pilantaraneun.
- Aya peurah aya komara aya harega, aya
pangaji.
- Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep
atawa dihأ©roan.
- Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter
moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
- Baleg tampele ari rasa tresna ka
lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
- Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
- Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri
hate ti baheula nepi ka kiwari.
- Balungbang timur, caang bulan
opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
- Banda tatalang raga lamun urang papanggih
jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu
aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
- Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka
papada kawula.
- Bengkung ngariung bongkok
ngaronyok babarengan
sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
- Beurat birit hese jeung sungkan
dititah.
- Beurat nyuhun beurat
nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu
kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
- Beureum paneureuy seuseut batan neureuy
keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
- Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu
beuteungna cara/siga beuteung anjing.
- Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
- Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah
sorangan atawa rasiah batur.
- Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh
rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh
nu
batur.
- Biwir sambung lemek, suku
sambung lengkah henteu
milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh
jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
- Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina
enggoning nyiar kipayah.
- Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran
aya kakuranganana atawa karuksakanana.
- Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu
salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
- Bobot pangayun timbang taraju kabأ©h anu dipigawأ© kudu pinuh tinimbangan.
- Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu
gede.
- Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur
diburuhan atawa digajih.
- Budi santri, legeg lebe, ari
lampah euwah euwah Ari
laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
- Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
- Bungbulang tunda / tunda
talatah lamun
dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
- Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul,
tara pisan daek barangbere.
- Bur beureum bur hideung,
hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
- Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka
baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
- Caang bulan dadamaran migawe nu kurang
mangpaat.
- Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu
rata, henteu sampurna.
- Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus
nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak
bahaya ka urang.
- Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek
teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa
sieun.
- Cara gaang katincak anu tadina rame kacida,
ayeuna mah jadi jempling pisan.
- Cara jogjog mondok carekcok bae, mani
gandeng nacer.
- Cara simeut hiris, tai kana
beuheung beuheung Pohara
bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
- Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu
gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
- Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun
ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener
henteuna.
- Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu
nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
- Cikaracak ninggang batu laun
laun jadi legok Ku
dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal
leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
- Cileuncang mande sagara,
cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna,
darajatna atawa pangabogana.
- Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda
deui adat jeung kabiasaanana.
- Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu
beresih, rido pisan, teu aya geuneuk
maleukmeuk.
- Congo congo ku amis, mun rek
mais oge puhuna Kumaha
arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
- Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki
atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah
embung.
- Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede
kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
- Dah bawang dah kapas tah barangna tah
duitna.
- Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya
jodo (waris).
- Dأ©sa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yأ©n kaayaan jeung adat kabiasaan di dأ©sa jeung kota (nagara) tأ©h bأ©da-bأ©da.
- Deugdeug tanjeuran pada
ngadeugdeug pada
nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
- Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh
padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
- Dihin pinasti, anyar
pinanggih baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
- Dikungkung teu diawur,
dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
- Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung
bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
- Dipiamis buah gintung disangka hade jeung
bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
- Disakompet daunkeun, dihurun
suluh dihijikeun
bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
- Ditangtang ditengteng dijieun
bonteng sapasi Dialak
ilik lantaran dianggap aneh.
- Ditilik ti gigir lenggik,
disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis
pisan, pantes kewes.
- Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh
hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
- Dogong dogong tulak cau, geus
gede dituar batur ngantian
jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu
kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese
cape taya gawe.
- Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
- Dulang tinande awewe mah nurutkeun
bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
- Duum tinggi ngabagikeun naon naon
henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
- Elmu ajug pinter ari mapatahan
batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
- Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana
kagorengan.
- Elmu tumbila nu boga imah
ngarugikeun ka tatamu.
- Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari
tunggu dawuh bae.
- Endog sapatarangan, peupeus
hiji, peupeus kabeh kasusah
atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna
ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
- Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa
hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
- Galehgeh gado darehdeh tapi henteu
terus kana hate.
- Gancang pincang kulantaran digawena
buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu
- nyugemakeun.
- Gantung denge hanteu terus bisa
ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
- Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna
sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku
lantaran aya dahareun nu didagoan
- Gede gede kayu randu,
dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir
ngajedig Ngeunaan
ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung
karajinanana goreng.
- Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga
kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
- Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa
kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet
atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku
kabeungharan atawa kakawasaan.
- Getas harupateun, pingges
harepan Gampang
pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
- Geulis sisi, laur gunung,
sonagar huma Ari
rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
- Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim,
julig , dengki.
- Ginding kakampis Ari pake mah ginding
ngan duit teu boga.
- Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu
handap sarua bae ulah dihina.
- Goong saba karia Datang sorangan ka anu
keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe
sangkan seubeuh baranghakan.
- Gunung tanpa tutugan, sagara
tanpa tepi Euweuh
anggeusna, euweuh beakna.
- Gurat batu Pageuh kana jangji.
- Gusti Alloh tara nanggeuy
dibongkokna Gusti
Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada
kawula.
- Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade
tingkah lacuna.
- Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade
balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
- Halodo sataun lantis ku hujan
sapoe Kahadean
anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan
sapoe.
- Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung
sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
- Hampang birit gampang jeung daekan
dititah.
- Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa
gimir saeutik eutik acan.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea
mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da
boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
- Harewos bojong Harewos anu cukup
tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
- Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina
meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun
balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
- Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok
gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
- Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung
kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu
diarep arep.
- Hejo tihang Resep jeung remen gunta
ganti imah tempat atawa pagawean.
- Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal
kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
- Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa
laksana tur teu nganyenyeri batur.
- Herang herang kari mata,
teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
- Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar
mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
- Heureut deuleu pondok lأ©ngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rأ©a babandingan da kurung batok.
- Heurin ku letah Hayang jeung perlu
ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/
karempan.
- Hirup ku panyukup gede ku
pamere Hirup
samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina
enggoning nyiar kipayah.
- Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah
pisan, teu boga kahayang naon naon.
- Hirup ulah manggih tungtung,
paeh ulah manggih beja Kudu
bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
- Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang
senang, nu keur untung tambah untung.
- Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema
saluhureun harkatna atawa pangabogana.
- Hurung nangtung siang
leumpang Ginding
karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
- Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna
ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa
kakawasaan.
- Ilang along margahina,
katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes,
ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana
hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
- Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa
turunan menak jeung beunghar.
- Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara
paurna.
- Inggis manan maut hinis,
rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
- Ipis kulit beungeut Gede kaera.
- Iwak nangtang sujen Wani nyorang
picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
- Jabung tumalapung sabda
tumapalang milu
nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta
siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
- Jadi maung malang jadi panghalang,
ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
- Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
- Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun
batur.
- Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
- Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku
urang asing.
- Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge
dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
- Jauh ka bedug anggang ka
dayeuh dusun,
teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
- Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh
kanyaho.
- Jawadah tutung biritna,
sacarana sacarana unggal
bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
- Jegjeg ceker cape kulantaran
leumpang ka dieu ka dieu.
- Jejer pasar lumrah bae, mun ka
lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
- Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca
balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok
nyarita.
- Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain
babad.
- Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal
pihasileun.
- Ka luhur teu sirungan
kahandap teu akaran Jelema
nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh
ngeunaan pangkat, boh rejeki.
- Kaceluk ka awun-awun kawentar
ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana
- Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana
hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu
milu ulubiung perkarana.
- Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan
di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal
miskin teu boga nanaon.
- Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir
tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
- Kajeun pait tungtung amis
manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade
dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
- Kajeun panas tonggong asal
tiis beuteung Kajeun
teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
- Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah
sorangan anu matak cilaka.
- Kandel kulit beungeut euweuh caerأ،.
- Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa
anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
- Katumbukan catur kadatangan
carita Loba
anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
- Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur
teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
- Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan,
teu ngahargaan pisan.
- Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu
matak sareukseuk panon.
- Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu
bisa cicing.
- Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler
kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
- Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur
gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
- Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan,
terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh
anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
- Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana
pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
- Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung
asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean
(masalah).
- Kawas nu mulangkeun
panyiraman Sok
nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh
ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak
ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
- Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina
lobana, ngeunaan ka jelema.
- Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu
goreng rupana.
- Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud
urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
- Keur meujeuhna bilatung
dulang Laleutik
keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
- Keur meujeuhna hejo lembok
rambay carita Keur
meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
- Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis
badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
- Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
- Kiruh ti girang kiruh ka
hilir Lamun
anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge
milu teu bener milu teu bageur.
- Kokoro manggih mulud puasa
manggih lebaran Anu
saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan
atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang
meungpeung.
- Kokoro nyoso, malarat rosa,
lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
- Kotok bongkok kumorolong,
kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji
kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang
sorangan, nepi ka goreng katenjona.
- Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
- Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun
rejeki atawa pangala anu saeutik.
- Kudu bisa pindah cai pindah
tampian Kudu
bisa nyaluyukeun manأ©h jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
- Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong
teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
- Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah
lacuna.
- Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan
asak.
- Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu
ngandung dua rupa maksud.
- Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng
anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
- Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae
buktina, kumaha behna.
- Kumaha kejebur caina geletuk
batuna kumaha
jadina bae, henteu jadi pikiran.
- Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng
deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
- Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat,
ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
- Kurung batok teu resep nyanyabaan,
ni’mat cicing diimah bae.
- Lain ku tulang munding
kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge
bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
- Lain lantung tambuh laku,
lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan
ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu
dijugjug.
- Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede
pangampurana.
- Langsung saur bahe carek Sok gampang
ngagelendeng atawa nyarekan.
- Lauk buruk milu mijah =
piritan milu endogan pipilueun
kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
- Legok tapak genteng kadek Loba luangna
pangalamanana jeung kanyahona.
- Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba
rejeki, loba pakaya.
- Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina
mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
- Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina
ngajalankeun hiji pagawean.
- Leutik burih euweuh kawani.
- Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik
tapi ari pangaluaran mah gede.
- Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna
henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
- Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang
disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa
bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
- Leuwi jero beunang
diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran
jelema hese dikira kirana.
- Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi
ka teu boga naon naon.
- Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter
nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
- Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong
bae, ari pangartina mah euweuh.
- Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya
kakurang.
- Luncat mulang Teu beunang dicekelan
omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
- Lungguh tutut Katenjona siga lungguh
tapi saenyana mah henteu.
- Malengpeng pakel ku munding,
ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya
pihasileunana.
- Maliding sanak Henteu adil, pilih
kasih.
- Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka
lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
- Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa
ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh
patalina saeutik eutik acan
- Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji
perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
- Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi
ari ka kolotnakeun susah.
- Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh
bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
- Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa
jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
- Meuli teri meunang japuh =
nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik,
darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
- Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh
salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka
api api teu nyaho.
- Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung
ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
- Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng
kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng
deui bae.
- Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan
budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea
maksudna supaya ulah kaciri tea.
- Mipit teu amit ngala teu
menta Maling
boga batur.
- Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari
sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
- Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu
gede oge da lain hayang loba diberena.
- Moal neangan jurig teu
kadeuleu arek
nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
- Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun
ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
- Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun
ngalaksanakeun kahayang.
- Monyet kapalingan jagong Tukang maling
kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
- Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup
samemeh prak.
- Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal
pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
- Ngajul bulan ku asiwung,
mesek kalapa ku jara usaha
anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus
diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
- Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu
euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
- Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a
ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
- Mun teu ngoprek, moal nyapek.
Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarihLamun teu digawe niar kipayah
tangtu pisusaheun pikeun hirup.
- Muncang labuh ka puhu, kebo
mulih pakandangan Mulang
ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
- Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga
dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
- Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih
injeuman duit.
- Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema
anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
- Nangtung kariung ngadeg
karageman Ngariung
rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
- Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung
ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar
kagorenganana.
- Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng
tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
- Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah
kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
- Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
- Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah
jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
- Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya
uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus
kaluhur.
- Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian,
tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara,
milu adu hareupan jeung hakim.
- Neukteuk mani anggeus, rokrok
pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa
rupa kasusahan jeung babari luluasan.
- Neundeun piheuleut nunda
picela Neangan
pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji
deui.
- Ngabأ©jaan bulu tuur Ngabأ©jaan jalma nu geus nyahoeun.
- Ngabudi ucing teu wani nembongkeun
atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
- Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan
kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu
saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
- Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung
mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta
rejeki.
- Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana
jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
- Ngadek sacekna, nilas
saplasna Ngomong/nyarita
anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
- Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur
sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak
dahar.
- Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah
boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari
dititah teh
Ngagedag
bari mulungan Nanyakeun
hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang
tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
- Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun
kagorengan atawa kajahatan batur.
- Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun
kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
- Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu
pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
- Ngarep ngarep kalangkang
heulang Ngarep
ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
- Ngawur kasintu, nyieuhkeun
hayam ngaraeh
jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung
nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
- Ngeplek jawer, ngandar
jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
- Ngeduk cikur kedah mihatur
nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
- Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas
mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka
urang.
- Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia
ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
- Ngodok liang buntu hese cape
taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu
beubeunangan.
- Ngodok liang jero Teu hasil enggoning
nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
- Ngukur ka kujur nimbang ka
awak Ngaluarkeun
duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung
pangala.
- Ngukut kuda kuru ari geus
gede sok nyepak Ngukut
bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari
geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
- Ngusap birit bari indit kulantaran
ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu
araya didinya.
- Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa
pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
- Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan
atawa boga dua pausahaan.
- Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana,
goreng laku lampahna deuih.
- Nini nini dikeningan, awewe
randa dihiasan Ngamahalkeun
barang naon bae anu geus ruksak.
- Noong ka kolong Leutik hate, leutik
pangharepan.
- Nu asih dipulang sengit, nu
haat dipulang moha nu
hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan
atawa ku kalakuan anu goreng.
- Nu borok dirorojok = nu
titeuleum disimbeuhan nu
keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
- Nu borok dirorojok, nu
titeuleum disimbeuhan Nu
keur susah ditambah deui kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu
edan dikendangan ngahaminan
omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa
carita teh salah.
- Nu tani kari daki, nu dagang
kari hutang Nu
tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
- Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu
keur alus milik.
- Nuturkeun indung suku Leumpang
sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
- Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu
boga pisan rasa tumarima.
- Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge
taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh
di menak boh disomah sarua bae.
- Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya
prak kumanehna.
- Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu
ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
- Nyaeuran gunung ku taneuh,
sagara ku uyah nambahan
kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
- Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang
kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang
kauntungan atawa bagja anu gede.
- Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih
atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
- Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan
anu loba pakayana.
- Nyanggakeun suku genteng belokeun,
beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun
diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa
geus salah atawa rumasa boga dosa.
- Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu
sahandapeun harkatna atawa pangartina.
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu
di unggang Nyarita
kudu pas, eces, ngabogaan harti.
- Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna,
tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
- Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa
barangbere supaya dipuji.
- Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan
nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong
geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal
kasorang.
- Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun,
pipaseaeun.
- Nyicikeun cai, murulukeun
lebu turun
cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku
luluhur.
- Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng
nu teu aya galurna.
- Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung
dulur pahare-hare bae.
- Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan
piaseaeun.
- Nyiruan mah teu resepeun
nyeuseup nu pait Lumrahna
manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
- Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir,
moal ngahasilkeun naon naon.
- Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan
hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana
dibogohan atawa sabalikna.
- Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu
ngahasilkeun.
- Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina
atawa ngawiwirang di hareupeunana.
- Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana
loba naker.
- Nyuhunkeun bobot pangayon
timbang taraju Menta
pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung
dosa mah.
- Nyukcruk walungan mapay mapay
wahangan Kalawan
taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
- Omong harus batan goong Beja the gancang naker
nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan
aslina.
- Owah gingsir Hanteu tetep, henteu
ajeg, gunta ganti pamadegan.
- Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua
tilu kalina.
- Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu
leutik ngalawan anu gede.
- Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba
luangna, pada loba pangalamanana.
- Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina
neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih
seblokan).
- Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih
belaan, silih tulungan.
- Pait daging pahang tulang Arang gering.
- Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku
panyakit naon bae.
- Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora
napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
- Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan
dina nyiar kipayah.
- Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah
sok tara bogaeun.
- Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu
nedunan jangjina.
- Peureum kadeuleu beunta
karasa Inget
bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu
dipikancinta.
- Piit ngeundeuk ngeundeuk
pasir mikarep
kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
- Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh
robah adat jeung kabiasaan.
- Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung
kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
- Pipilih meunang nu leuwih
koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang
meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
- Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa
kana pasamoan.
- Poأ©k mongklأ©ng buta rajin (atawa buta radin) Poأ©k pisan.
- Pondok jodo panjang baraya Saha ogأ© jodoh urang silaturahmi kudu tetep
dijaga.
- Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh
aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
- Pur kuntul kari tunggul, lar
gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu
katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
- Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean
henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu
mah pada ulah dipaido bae.
- Raweuy beuweungeun rambay
alaeun Loba
dahareun da loba pepelakan.
- Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa
karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
- Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae
anu kurang nu matak cua kana hate.
- Rup ku padung rap ku lemah,
katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung
hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
- Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu
rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
- Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait
samamanis sabagja sacilaka.
- Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa
disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu
kanyahoan bae.
- Sagalak galakna macan taru
nyatu anakna sanajan
pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
- Sagolek pangkek sacangreud
pageuh Hanteu
cidra kana jangji.
- Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese
pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
- Saherang herangna cibeas,
moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara
hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
- Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung
gampang ngadek deuih.
- Sakiriciking duit
sakocopoking bogo Naon
bae anu matak narik kana hate urang.
- Saluhur luhur punduk tara
ngaliwatan hulu Sapinter
pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
- Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah
upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem
dina hatأ© baأ©, tacan bruk-brak
- Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu
boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna
the ari hirup mah hayang keneh.
- Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
- Sareundeuk saigel sabobot
sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
- Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan,
langlang lingling, kurang saeundan.
- Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu
upluk-aplak lega pisan
- Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang
di bumi alam.
- Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur
kurang manis.
- Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa
lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina
aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
- Sentak badakeun teu ceehan dina gawe,
mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh
diantep teu dipigawe pisan.
- Sereg di panto logor di liang
jarum nyingkahan
hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera,
betahna dinu suni nu teu aya jelema.
- Sereg dibuana logor diliang
jarum Kulantaran
loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun,
karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
- Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung
pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
- Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina
jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
- Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah,
keur napsu.
- Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug
ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
- Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber
ka mana-mana
- Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
- Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa
saeutik eutik acan.
- Silih jenggut jeung nu gundul Mأ©nta tulung ka papada anu sarua
butuhna atawa sarua papada henteu boga.
- Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik
anak ngaliwatan bapa.
- Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran
aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang
wiwirang jeung karugian.
- Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri
sorangan.
- Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka
urang mah susah.
- Taraje nangeuh dulang
pinande Saban
tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
- Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu,
henteu boga tanaga.
- Taya halodo panyadapan taya eureuna
digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
- Teng anak teng, anak merak
kukuncungan sipat-sipat
nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku
kolotna.
- Teu aya sarebuk samerang
nyamu Teu
aya saeutik eutik acan.
- Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara
pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
- Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik
eutik acan.
- Teu busik bulu salambar teu regrog regrog,
malah unggul dina juritna.
- Teu cari ka Batawi tapi ka
salaki hakan
pake hayang ti salaki.
- Teu diambeuan teu dipikarisi, teu
dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
- Teu didingding kelir teu dibuni buni,
ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
- Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya
bedana saeutik eutik acan.
- Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep
bae, teu ditanya tanya acan.
- Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon
naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
- Teu jauh ti tihang juru teu
anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok
daek pulang paling.
- Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan,
teu pipilueun.
- Teu ngalarung nu burung, teu
nyesakeun nu edan ngalajur
napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
- Teu nginjeum ceuli teu
nginjeum mata Ngadenge
jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
- Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca
acan, da teu sakola.
- Teu puguh alang ujurna teu puguh entep
seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
- Teu wawuh wuwuh pajauh, teu
loma tambah paanggang Sing
wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
- Teui hir teu walahir, teu
kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan.
Deungeun deungeun tulen.
- Ti luhur sausap rambut ti
handap sahibas dampal Menta
dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
- Ti peuting kapalingan ti
beurang kasayaban Sababaraha
kali karurugian atawa karoroncodan.
- Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran
ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
- Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu
bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
- Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu
nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
- Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan,
pinter dina ngbobodo atawa nipu.
- Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
- Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar
kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
- Totopong heureut dibeber
beber, tangtu soeh nyukupan
ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun
rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu
lobana.
- Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean
pikeun Nagara, babakti ka nagara.
- Tunggul dirarud catang
dirumpak Euweuh
anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
- Tunggul sirungan, catang
supaan Aya
kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
- Tungkul ka jukut tanggah ka
sadapan junun
nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
- Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta
nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
- Ulah cara ka kembang malati
kudu cara ka picung Ulah
sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka
geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki
welas asih.
- Ulah cara ka malati kudu cara
ka picung Ulah
ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah
- Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu
puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
- Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan
ngalakonan.
- Ulah leutik hatأ© Ulah sieun atawa putus pangharepan.
- Ulah lunca linci luncat
mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu nuturkeun etika anu aya.
- Ulah muragkeun duwegan ti
luhur masing
nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah
monyah.
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun
fitnah.
- Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan
nurutkeun diri sorangan
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang-
girang tampian Ulah
rebutan kakawasaan
- Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna
hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
- Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu
cingceung.
- Ulah unggut kalinduan ulah
gedag kaanginan Ulah
kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur
nyanghareupan hiji maksud anu hade.
- Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul
kabeh.
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun
rakyat leutik.
- Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung
bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
- Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon
naon anu bakal kajadian.
- Wiwirang di kolong catang nya
gede nya panjang wiwirang
nau pohara gedena.
Sumber
: Majalah Cupumanik
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar